Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Para ponggawa Yuda jeung Yerusalem, bareng jeung para ponggawa karaton, para imam jeung para pamingpin, geus motong sapi jalu, awakna dibeulah dua, diteundeun pagigir-gigir, tuluy maranehna laleumpang di antara eta dua beubeulahan awak sapi, tanda yen geus ikrar jangji ka Kami. Kari-kari eta jangji dilanggar, sarat-saratna teu dihargaan. Ku sabab kitu maranehna ku Kami rek dijieun kawas eta sapi.