Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Bakal paeh teh dina waktu anu rineh, tur dikuburkeunana ge dikukusan, moal beda ti karuhun-karuhun maneh anu jaradi raja samemeh maneh, dikuburkeunana dikukusan ku rahayat. Maneh oge bakal dicaleungceurikan ku rahayat, dipidangdam, ’Raja urang pupus!’ Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”