Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Urang Yuda anu ngalumbara di Mesir ku Kami rek ditumpes kabeh. Nu gede, nu leutik, sina paraeh di Mesir, nu ku perang, nu ku kalaparan. Kaayaanana sing matak kukurayeun, sina pada ngahina, pada mupuas, ngaran-ngaranna sina diparake sasapaan ku batur.