Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Tah dengekeun, di sakuliah nagri bangsa kuring tingjarerit, ”Naha kitu PANGERAN teh geus teu linggih di Sion? Naha kitu raja di Sion teh geus teu aya di dinya?” PANGERAN, raja maranehna, ngawaler, ”Naha atuh maraneh ngajengkelkeun Kami, nyarembah ka arca-arca, sarujud ka dewa-dewa asing anu euweuh pisan gunana?”