Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
PANGERAN nimbalan, ”Engke datang mangsana Kami baris ngahukum urang Mesir, urang Yuda, urang Edom, urang Amon, urang Moab, jeung urang gurun keusik anu buukna dicalukur pondok. Maranehna kabeh oge disunat cara urang Israil, tapi boh maranehna boh urang Israil, kalakuanana saperti kalakuan jalma-jalma anu teu disunat, sabab henteu nyekel kana perjangjian anu dilambangkeun ku eta sunat.”