Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Ku sabab eta, kudu nyokot sapi jalu tujuh jeung domba jalu tujuh, kurbankeun di dieu pikeun nebus kasalahan maraneh. Menta dipangnedakeun ku Ayub, sabab ngan paneda manehna anu arek didenge, sangkan maraneh ku Kami ulah nepi ka dibales satimpal jeung ucapan-ucapan anu sakitu barurungna, teu bener ngomongkeun perkara Kami, teu kawas Ayub.”