Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Ku hal eta, tanah pagunungan anu ku PANGERAN dijangjikeun ka abdi nalika abdi sabatur-batur lapor teh mugi dipasihkeun. Sanggem abdi ka Bapa, eta tanah teh dicicingan ku bangsa Enak, jalmi-jalmina jarangkung gede, kota-kotana dikurilingan ku kuta anu rareugreug. Mugia PANGERAN nyarengan, eta bangsa ku abdi baris diusir kaluar, sakumaha dawuhan PANGERAN.”