Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
tapi keur geusan tanda ka pihak aranjeun jeung ka pihak kuring, jeung ka turunan-turunan urang engke, yen pihak kuring oge sarua ngabakti ka PANGERAN di payuneun Kemah-Na nu suci, sarta sok ngahaturkeun kurban, boh nu dibeuleum boh nu dipeuncit kitu deui kurban panarima. Jadi eta teh keur ngajaga, sangkan anak incu aranjeun ulah nepi ka nyebutkeun anak incu kuring taya patalina jeung PANGERAN.