Joshua 22:6 — Compare Translations

1 translations compared side by side

Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Ti dinya maranehna ku Yosua dijurung marulang, dipaparin restu, kalawan pesen kieu, ”Maraneh ayeuna geus baleunghar, baralik teh mawa ingon-ingon loba, perak, emas, tambaga, beusi, kitu deui papakean. Eta beubeunangan ngajarah ti musuh teh bagikeun oge ka nu sejen anu sakaom keneh jeung maraneh.” Ti dinya tuluy budal, rek baralik. Eta kaom Menase, anu satengahna ku Musa geus dipaparin tanah di wetaneun Yordan, tapi nu satengahna deui mah meunangna tanah teh ti Yosua, nya eta di kuloneun Yordan, bareng jeung kaom-kaom sejenna.