Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Basa bareto budal ti Mesir, kabeh lalaki geus disarunatan. Tapi waktu uprak-apruk di gurun keusik nepi ka opat puluh taun, barudak lalaki anu dijarurukeun di dinya mah taya anu disunatan. Sarta dina pameakan jaman eta, sakabeh lalaki anu basa budal ti Mesir geus meujeuhna jaradi prajurit, geus pararaeh lantaran ngabaha ka PANGERAN. Maranehanana keuna ku sumpah PANGERAN, yen moal kungsi narenjo tanah anu subur makmur, anu ku Anjeunna geus dijangjikeun ka karuhun-karuhunna tea.