Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Pohara galumbirana, pok ngaromong, ”Calukan si Simson, sina ngabodor ngarah resep!” Sanggeus Simson diala ti jero panjara, ku maranehanana diparentah ngabodor, jeung sina ngadeg di antara dua tihang anu gede. Barang jalma-jalma narenjoeun ka anjeunna tuluy ngarawih, muji dewana, ”Dewa urang geus mere kaunggulan ka urang ti musuh, anu geus ngaruksak nagri urang sarta maehan jalma-jalma urang sakitu lobana.”