Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Tapi Simson mondokna di dinya teu nepi ka isuk. Tengah peuting anjeunna hudang, tuluy angkat ka gapura kota. Eta gapura terus dirabut, panto-pantona, tihang-tihangna, tulak-tulakna jeung sagala nu nempel ka dinya kabawa. Dipundak, dicandak nanjak ka luhur pasir anu paeunteung-eunteung jeung Hebron.