Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Tapi geus teu bisa dicandet, embungeun kudu meuting deui mah. Bral bae indit jeung selirna, dituturkeun ku gandek jeung dua kaldena nu geus diselaan. Poe geus meh peuting, ari lalampahan kakara arek nepi ka kota Yebus (Yerusalem tea). Ari ceuk gandekna, ”Moal nyimpang heula, Juragan, ngawengi di dieu, di kota urang Yebus?”