Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Musa misaur ka Harun jeung ka putrana anu jenengan Elasar jeung Itamar, saurna, ”Aranjeun teu kenging ngusut-ngusut rambut sareng nyosoeh anggoan ciri prihatin katilar ku ieu nu nembe hilang, sabab tangtu aranjeun tiwas, sarta PANGERAN tangtu bendu ka sakumna urang Israil. Wargi-wargi anu sanesna kenging nawiskeun prihatinna ku ieu nu nembe hilang, anu tiwasna ku seuneu ti PANGERAN.