Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Urang Parisi nangtungna misah, nenedana kieu, ʼNun Allah, sim kuring muji sukur ka Anjeun, dumeh sim kuring henteu sami sareng jalmi sanes, anu sararakah, anu teu jalujur, anu sok jarinah. Sim kuring muji sukur lantaran henteu sapertos itu, tukang mulung pajeg.