Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
PANGERAN ngandika, ”Eh urang Yerusalem, geura iang, hukum musuh-musuh maraneh! Maraneh ku Kami rek dibere kakuatan lir banteng anu boga tanduk beusi jeung kuku tambaga, sanggup ngancurkeun bangsa nu loba. Kakayaan maranehna, beubeunangan katelengesanana, ku maraneh baris dijarah, tuluy disanggakeun ka Kami, PANGERAN sakubeng jagat.”