Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Geus kitu sim kuring ngudar beubeur tina cangkeng seug dikebutkeun, bari ngucap kieu, ”Upama aranjeun henteu nekanan jangji, baris dikebutkeun ku Allah. Imah aranjeun saeusina baris dimusnakeun, moal aya nu disesakeun.” Anu karumpul bareng nyebut, ”Amin,” dituluykeun ku muji ka PANGERAN. Jangji kapala-kapala tea enya dilaksanakeun.