Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Geus kitu sim kuring nganjang ka Semaya bin Delaya incu Mehetabel, lantaran manehna teu bisa ninggalkeun imah. Manehna ngomongan ka sim kuring, ”Bapa, urang nyumput sareng abdi di Kamar Suci di Bait Allah, pantona urang tulakan, margi bade aya anu ka darieu seja nelasan ka Bapa. Boa wengi ieu ge darongkap.”