Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Dina tanggal dua puluh opat bulan eta keneh, urang Israil kumpul, arek paruasa nyirikeun kaduhung ku dosa-dosana. Masing-masing geus nyegah maneh tina campur jeung bangsa batur. Mararake karung, nareundeun lebu dina sirah, ciri prihatin. Deg narangtung, rek ngakukeun dosana jeung dosa karuhunna.