Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Umat Gusti ngarebut kota-kota anu dibenteng, ngarebut tanah-tanah anu salubur, imah-imah nu pinuh ku harta banda, ngarebut bendungan-bendungan, tangkal-tangkal jetun, tangkal-tangkal bubuahan, kebon-kebon anggur. Sagala pangabeukina kasorang, awakna lalingsig, ku Gusti dipaparin rupi-rupi kasenangan.