Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Nun Allah, nun Panutan, Gusti sakalangkung agung! Langkung pikagimireun, langkung kawasa! Nanging satia kana sagala jangji. Abdi-abdi ti jaman digencet ku raja-raja Asur, dugi ka ayeuna langkung-langkung nya sangsara! Raja-raja abdi, para kapala, para imam, nabi-nabi, para karuhun, dulur-dulur sadayana, ngarandapan sangsara. Mugi kaemut, abdi-abdi sakieu sangsarana!