Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Pek ka ditu bejakeun ka jelema-jelema, kieu kituh, ’Ari harayang daging, maraneh isukan kudu susuci. Maraneh ngeceblek majar hayang teuing nyatu daging, majar ngeunah keneh ge di Mesir. Omongan maraneh teh kadangu ku PANGERAN, sarta Mantenna tangtu engke maparin daging, sangkan maraneh nyaratu daging.