Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Ku margi kitu ieu abdi-abdi masing-masing nyanggakeun perhiasan-perhiasan tina emas, rupi kilat bahu, pinggel, lelepen, anting sareng kangkalung. Seja kasanggakeun ka pangersa PANGERAN, tawis tumarima rehing Mantenna parantos nangtayungan nyawa abdi-abdi, dugi ka sadayana wilujeng teu sawios-wios.”