Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Luyu jeung timbalan PANGERAN, Musa, Harun, jeung para kokolot umat, nyacahkeun urang Lewi anu tilu kaom, nya eta kaom Kahat, kaom Gerson, jeung kaom Merari. Ku aranjeunna didaptar anu umurna ti tilu puluh nepi ka lima puluh taun, anu nyumponan sarat pikeun digawekeun di Kemah Tepangan. Hasilna: [Kaom] — [Jumlah] Kahat — 2.750 urang Gerson — 2.630 urang Merari — 3.200 urang — Jumlah 8.580 urang