Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Seug giliran anu kudu nyanggakeun kurban-kurban teh ku maranehna diatur. Kieu: [Poe] — [Giliran Kaom] — [Pamingpinna] Ka-1 — Yuda — Nahson bin Aminadab Ka-2 — Isaskar — Netanel bin Suar Ka-3 — Sebulun — Eliab bin Helon Ka-4 — Rubin — Elisur bin Sedeur Ka-5 — Simeon — Selumiel bin Surisaday Ka-6 — Gad — Elisap bin Rehuel Ka-7 — Epraim — Elisama bin Amihud Ka-8 — Menase — Gamaliel bin Pedasur Ka-9 — Binyamin — Abidan bin Gidoni Ka-10 — Dan — Ahieser bin Amisaday Ka-11 — Aser — Pegiel bin Okran Ka-12 — Naptali — Ahira bin Enan Kurban-kurban anu ku masing-masing kudu dibaktikeun teh sarua, nya eta: hiji baki perak anu beuratna 1,5 kilogram, hiji bokor perak anu beuratna 800 gram, timbanganana nurutkeun patokan Kemah PANGERAN. Duanana dieusi tipung sapinuhna campur minyak jetun, pikeun kurban kadaharan, hiji pisin emas anu beuratna 110 gram, pinuh ku seuseungitan, hiji sapi jalu, hiji domba jalu, hiji anak domba umur sataun keur kurban beuleuman, hiji embe keur kurban pamupus dosa. Tuluy dua sapi jalu, lima domba jalu, lima embe jalu, jeung lima anak domba anu umur sataunan keur kurban panarima.