Numbers 7:84 — Compare Translations

1 translations compared side by side

Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Jumlah lobana pangbakti ti dua welas urang pamingpin pikeun kaperluan-kaperluan altar nya eta: — dua welas pinggan perak jeung dua welas baskom perak, beuratna kabeh 27,6 kilogram — dua welas pisin emas, beuratna kabeh aya 1,32 kilogram, parinuh ku seuseungitan — dua welas sapi jalu, dua welas domba jalu, dua welas anak domba umur sataunan, kitu deui pikeun kurban-kurban kadaharan jeung pikeun kurban-kurban panarima — dua welas embe keur kurban dosa — dua puluh opat sapi jalu, genep puluh domba jalu, genep puluh embe, genep puluh anak domba umur sataunan keur kurban panarima.