Zechariah 4:14 — Compare Translations

1 translations compared side by side

Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Anjeunna ngalahir, ”Eta ngagambarkeun dua jalma anu ku Allah dipilih jeung diistrenan jadi purah laladen ka PANGERAN, Gustina saalam dunya.” Jangji Allah ka Serubabel Eta malaikat nimbalan, miwarang kaula nepikeun ieu sabda PANGERAN ka Serubabel. Sabda-Na, ”Paneja maneh bakal laksana; lain ku karana kakuatan balad lain ku karana tanaga maneh sorangan, tapi ku karana Roh Kami. Kajeun halangan sagede gunung, disanghareupan ku maneh tinangtu musna. Bait Allah bisa diadegkeun deui ku maneh, sarta ana batu panungtung ku maneh geus merenah dipasang dina tempatna, jalma-jalma bakal tinggarero, ʼAduh, ku alus-alus teuing!ʼ ” Aya deui sabda PANGERAN ka kaula. Sabda-Na, ”Serubabel geus masangkeun pademen Bait Kami. Eta kabeh bisa anggeus ku manehna. Upama geus anggeus, umat Kami tangtu yakin yen nya Kami anu ngutus maneh ka maranehna teh. Maranehna tadina ngara kuciwa lantaran eta pagawean mimitina pohara kendorna. Tapi maranehna bakal narenjo Serubabel neruskeun ngadegkeun eta Bait Kami, hatena bakal sarenangeun.”