1 Chronicles 27:2 — Compare Translations

1 translations compared side by side

Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Kapala-kapala tiap bulanna nya eta: Bulan kahiji: Yasobam bin Sabdiel, ti golongan Peres kaasup kaom Yuda. Bulan kadua: Dodai turunan Ahohi (pamingpin nu kadua nya eta Miklot). Bulan katilu: Benaya putra Imam Yoyada, pamingpin ”Si Tilu Puluh” tea. (Anjeunna diganti ku Amisabad, putrana, kapala rombongan bulan ieu.) Bulan kaopat: Asahel, rayi Yoab (anjeunna diganti ku Sebaja putrana). Bulan kalima: Samhut, turunan Yishar. Bulan kagenep: Ira bin Ikes, ti Tekoa. Bulan katujuh: Heles, urang Epraim ti Pelon. Bulan kadalapan: Sibkai ti Husa (warga Sera, kaasup kaom Yuda). Bulan kasalapan: Abieser urang Anatot wewengkon kaom Binyamin. Bulan kasapuluh: Maharai urang Netopa (ti golongan Sera). Bulan kasabelas: Benaya, urang Piraton wewengkon kaom Epraim. Bulan kadua belas: Heldai urang Netopa (turunan Otniel).