bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
2 Samuel 10
2 Samuel 10
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 9
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 11 →
1
Dina hiji mangsa, raja nagara Amon anu jenengan Nahas pupus, tuluy diganti ku Hanun, putrana.
2
Saur Raja Daud, ”Kami rek nembongkeun kahadean ka Hanun, sabab Raja Yahas, ramana, hade ka kami.” Ti dinya anjeunna ngintun sawatara utusan ka Hanun nawiskeun ngiring sungkawa. Sanggeus eta utusan-utusan daratang ka Amon,
3
para pamingpin Amon arunjukan ka rajana, ”Naha leres Daud ngintun utusan teh tawis hormatna ka suwargi tuang rama? Sanes! Eta utusan dipiwarang ngincer nagara urang supados gampil ditempuhna.”
4
Para utusan ku Hanun ditangkep, janggotna dikurudan sabeulah-sabeulah, pakeanana diguntingan lebah biritna, tuluy disina baralik.
5
Kacida areraeunana eta para utusan teh, nepi ka teu waranieun balik. Kadangueun ku Daud, seug ku anjeunna dipiwarang narunggu heula di Yeriho, ngadarago janggotna jaradi deui.
6
Urang Amon geus boga rasa bakal ditempuh ku Daud. Tuluy nyewa prajurit-prajurit bangsa Siria, ti Bet Rehob jeung Soba 20.000 prajurit, ti Tob 12.000 prajurit, ti raja Maaka 1.000 prajurit.
7
Daud geus uningaeun, gancang nimbalan Yoab sina ngetrukkeun saayana balad.
8
Urang Amon geus tata baris di lawang kota Raba, ibu kota Amon. Balad sewaan ti Siria, ti Tob jeung ti Maaka diteundeun di pasisian.
9
Kajudi ku Yoab yen baladna rek digencet ti hareup jeung ti tukang. Ganjang anjeunna meting prajurit-prajurit Israil, disanghareupkeun ka urang Siria.
10
Sesana dipercayakeun ka Abisai, rayina, disanghareupkeun ka urang Amon.
11
Saur Yoab ka rayina, ”Upama Akang kadeseh ku urang Siria, Rayi geuwat ngabantu. Upama Rayi kadeseh ku urang Amon, ku Akang dibantu.
12
Sing teger, sing teteg. Hayu urang tarung ngabela bangsa jeung nagara Allah urang, bari tawekal narima pangersa PANGERAN.”
13
Balad Yoab geus maju narajang, balad Siria kalabur.
14
Kanyahoan ku urang Amon yen urang Siria kalabur, urang Amon oge kalabur ti hareupeun Abisai, arasup deui ka jero kota. Sanggeus urang Amon mundur, Yoab mulang ka Yerusalem.
15
Sanggeus urang Siria ngarasa teter ku urang Israil, tuluy ngumpulkeun deui pasukan-pasukan.
16
Urang Siria anu caricing di wetaneun Walungan Eprat oge ku Hadad Eser didatangkeun, geus aya di Helam. Eta balad dipingpin ku Sobak, panglima perang Hadad Eser.
17
Daud geus uningaeun tuluy mepek balad, ti dinya meuntasan Walungan Yordan, muru ka balad Siria di Helam anu geus taki-taki. Der perang.
18
Balad Siria kadeseh ku balad Israil sarta loba pisan anu kasambut, 700 urang ti pasukan kareta jeung 40.000 urang ti pasukan kudana. Malah Sobak, panglima perang musuh oge tiwas.
19
Sanggeus raja-raja anu kaereh ku Raja Hadad Eser ngarasa kasoran, seug marenta taluk ka urang Israil sarta jadi kaereh ku urang Israil. Ti dinya urang Siria jadi kapok ngabantu ka urang Amon.
← Chapter 9
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 11 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24