bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Daniel 12
Daniel 12
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 11
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
1
Malaikat nu anggoanana tina lawon lenen ngalahir deui, ”Harita, malaikat agung Mikail anu ngaping bangsa maneh baris nembongan. Tuluy bakal aya jaman suker anu pangpoharana, anu can kungsi kasorang ti barang bangsa-bangsa gumelar. Lamun eta jaman geus datang, kabeh jelema ti bangsa maneh, anu ngaran-ngaranna geus dicatet dina Kitab Allah, baris disalametkeun.
2
Loba anu geus paraeh bakal harirup deui, sawareh bakal genah hirup langgeng, sawareh deui bakal nandangan kahinaan salalanggengna.
3
Para pamingpin nu bijaksana bakal cahayaan lir cahaya caangna langit. Anu ka jalma-jalma geus ngawurukan sangkan ngalampahkeun anu bener, bakal mencrang lir bentang-bentang, salalanggengna.”
4
Saurna deui, ”Daniel, ayeuna tutupkeun eta kitab, tuluy segel sing rapet nepi ka ahir jaman. Sajeroning kitu bakal loba jelema anu nyoba-nyoba ngahartikeun hal-hal anu eukeur kajadian, tapi cumah moal hasil.”
5
Geus kitu kaula nenjo aya dua jelema di sisi walungan, peuntas ditu saurang, peuntas dieu saurang.
6
Nu saurang nanya ka malaikat nu nangtungna rada jauh di beulah girang, ”Iraha pianggeuseunana eta kajadian-kajadian nu ajaib teh?”
7
Eta malaikat nadahkeun panangan duanana ka langit, tuluy sumpah nyebut jenengan Allah Nu Langgeng, saurna, ”Lilana bakal tilu taun satengah. Upama panganiayaan ka umat Allah geus eureun, sakabeh perkara nu tadi oge tangtu anggeus.”
8
Kadenge ku kaula ari lahiranana mah, tapi teu kaharti. Jadi pok kaula nanyakeun, ”Nanging, Juragan, ahirna teh kumaha?”
9
Waleranana, ”Daniel, ayeuna mah leuwih hade maneh mulang bae. Sabab eta pangandika teh kudu dirasiahkeun nepi ka ahir jaman.
10
Loba jalma anu bakal diuji disina murni. Jalma-jalma nu jarahat moal ngalartieun sarta bakal terus jarahat. Ngan anu barijaksana anu baris ngaharti.
11
Ti semet kurban-kurban poean tea dieuweuhkeun, nya eta ti waktu dipasangkeunana si Pikasieuneun, lilana 1.290 poe.
12
Bagja jalma-jalma tetep satia nepi ka poe anu ka 1.335.
13
Ari maneh, Daniel, muga sing tetep satia tepi ka ahir. Maneh bakal maot, tapi baris hirup deui geusan narima ganjaran di ahir jaman.”
← Chapter 11
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12