bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Galatians 4
Galatians 4
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 3
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 5 →
1
Tapi urang teruskeun kieu: Hiji anak lalaki anu bakal narima kakayaan bapana, sapanjang can sawawa mah hakna disaruakeun jeung badega, sanajan saenyana mah boga sagala rupa.
2
Sapanjang can sawawa, aya jelema-jelema anu ngajaga dirina jeung ngurus sagala kapentingan manehna, nepi ka waktu anu geus ditangtukeun ku bapana.
3
Urang oge kitu, samemeh rohani urang sawawa mah jaradi keneh badegana roh-roh ieu dunya.
4
Sanggeus waktuna cunduk, Allah ngutus Putra-Na ka ieu dunya ku jalan dilahirkeun sakumaha urang ku indung, sarta hirup Anjeunna kaereh ku Hukum Agama,
5
pikeun ngaleupaskeun manusa anu dibawah ku Hukum Agama, supaya bisa ditarima jadi putra-putra Allah.
6
Pikeun bukti yen aranjeun putra-putra Allah, Allah ngutus Roh Putra-Na ka jero hate aranjeun, nya eta Roh anu nyambat ka Allah, ”Ama, nun Ama!”
7
Jadi aranjeun geus lain badega deui, geus jaradi putra, sarta ku Allah bakal dipaparin sagala rupa kagungana-Na.
8
Keur waktu tacan tarerang ka Allah, aranjeun ngawula teh ka kakawasaan anu dianggap allah, padahal enyana mah lain Allah.
9
Ari geus tarerang ka Allah — atawa: Allah anu kenal ka aranjeun — ku naon rek baralik ngawula deui ka roh-roh ieu dunya anu teu aya dayana? Naha make daek dijadikeun badega ku roh-roh ieu dunya?
10
Make aya poe, bulan, musim, jeung taun, anu ku aranjeun dipupusti dipestakeun.
11
Hariwang sim kuring mah, sieun pagawean meunang hese cape pikeun aranjeun teh mubadir!
12
Cik aranjeun teh sing cara sim kuring ka aranjeun. Ari ka sim kuring mah aranjeun teu aya salah naon-naon.
13
Meureun aringet keneh kumaha asalna sim kuring ngawartakeun Injil Kasalametan ka aranjeun, nya eta lantaran sim kuring katarajang gering.
14
Harita, sakitu kaayaan badan sim kuring kacida ngarepotkeunana ka aranjeun, aranjeun teu geuleuh, teu nitah nyingkah, malah narima ka sim kuring cara ka malaikat ti sawarga, malah cara ka Kristus Yesus,
15
bari jeung asa meunang nugraha! Tapi kumaha ayeuna? Harita mah ceuk wiwilanganana, kajeun kudu nyokel panon sorangan pikeun kaperluan sim kuring, aranjeun mo burung iklas.
16
Ayeuna pedah sim kuring tadi ngutik-ngutik, naha aranjeun moal nganggap musuh ka sim kuring?
17
Dulur-dulur! Jelema-jelema anu siga gede perhatianana ka aranjeun teh tekadna goreng, rek misahkeun aranjeun ti sim kuring, sina tamplok ka maranehanana.
18
Gede perhatian memang alus ari pikeun tujuan hade mah, jeung kudu tetep kitu, ulah ngan ari keur aya sim kuring bae.
19
Anaking! Sapanjang sipat-sipat Kristus tacan jadi sipat-sipat aranjeun, sim kuring kacida ngarasa paurna, mani asa nyeri cara nyeri awewe nu ngajuru.
20
Nataku hayangna sim kuring teh aya di aranjeun ayeuna, supaya bisa nembongkeun budi sejen ka aranjeun. Kacida melangna sim kuring ka aranjeun teh!
21
Sim kuring arek nanya ka sakur anu harayang dibawah ku Hukum Agama Yahudi: Aranjeun can ngadarenge naon anu disebutkeun ku eta Hukum?
22
Eta Hukum nyebutkeun, yen Ibrahim kagungan dua putra pameget, hiji ti istri asal badega, hiji deui ti istri asal merdeka.
23
Putra ti istri asal badega dilahirkeunana sakumaha ilaharna. Ari putra ti istri anu merdeka, dilahirkeunana teh pikeun bukti tina jangji Allah.
24
Ieu bisa dijieun ibarat: Eta dua istri teh ngibaratkeun dua rupa perjangjian Allah. Nu saurang nya eta Hajar, anu asalna ti Gunung Sinai, anu anak-anakna jaradi badega,
25
ngibaratkeun perjangjian anu di Gunung Sinai, di nagri Arab, jeung ngupamakeun kota Yerusalem ayeuna jeung sakabeh rahayatna anu jaradi budak.
26
Istri nu saurang deui anu merdeka, ngibaratkeun Yerusalem sawarga, ibu urang.
27
Sabab ceuk Kitab Suci, ”Eh istri gabug! Masing bungah! Eh nu tacan ngarasa nyerina ngajuru, masing gerah! Sabab istri anu ditinggalkeun ku salakina teh bakal leuwih loba anakna, ti batan anu terus direujeungan ku salakina.”
28
Dulur-dulur! Aranjeun oge putra-putra Allah, anu lahir ku karana jangji Allah, saperti Ishak.
29
Jaman harita, anak anu dilahirkeunana sakumaha ilaharna teh nganiaya ka anu dilahirkeunana ku karana pangersa Roh Allah. Jaman ayeuna oge kawas kitu.
30
Tapi kumaha ceuk Kitab Suci? Kieu, ”Singkirkeun eta badega awewe teh jeung anakna, sabab anak ti manehna mah moal dijieun ahli waris cara anak ti awewe anu merdeka.”
31
Jadi dulur-dulur! Urang teh lain anak ti awewe asal badega, tapi turunan ti awewe merdeka.
← Chapter 3
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 5 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6