bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Genesis 17
Genesis 17
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 16
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 18 →
1
Mangsa yuswa Abram salapan puluh salapan taun, PANGERAN nembongan deui sarta ngandika, ”Ieu Kami, Allah Nu Maha Kawasa. Masing anut ka Kami ulah aya kuciwana.
2
Kami rek meungkeut perjangjian jeung maneh. Turunan maneh baris loba.”
3
Bruk Abram sujud nyium taneuh. Allah ngadawuh deui,
4
”Kieu perjangjian anu rek dibeungkeut jeung maneh teh: Kami jangji, maneh baris jadi karuhun bangsa-bangsa loba pisan.
5
Ti semet waktu ieu ngaran maneh lain Abram, tapi Ibrahim. Sabab ku Kami baris dijadikeun karuhun bangsa-bangsa loba pisan.
6
Turunan maneh baris pohara reana, malah aya nu baris jaradi raja. Pohara baris reana turunan maneh teh, nepi ka ngajadi bangsa-bangsa.
7
Ieu jangji ka maneh saanak incu nu baris gumelar, baris dipageuhan ngajadi perjangjian anu langgeng. Kami baris jadi Allah maneh jeung Allahna turunan-turunan maneh.
8
Ieu tanah, tempat maneh ayeuna ngumbara, baris dibikeun ka maneh jeung turunan-turunan maneh. Salegana tanah Kanaan baris milik maneh salalawasna, sarta Kami Allahna.”
9
PANGERAN ngandika deui, ”Sabalikna maneh saanak incu nu bakal gumelar masing tuhu kana ieu perjangjian ti Kami, turun-tumurun.
10
Maneh jeung sakumna turunan maneh anu lalaki kudu disunat.
11
Teu kaiwalkeun jalma-jalma anu karumawula ka maneh, boh anu asal lahir di maneh, boh anu beunang meuli ti nu sejen, kudu disarunatan.
12
Ti semet ayeuna, sakur budak lalaki, umur dalapan poe kudu disunatan. Ieu hal pikeun nuduhkeun yen Kami jeung maneh geus nyieun perjangjian.
13
Masing-masing kudu disunatan, pikeun ngajadi tanda dina awak, anu nuduhkeun langgengna perjangjian Kami ka maneh.
14
Sakabeh lalaki nu teu disunatan moal dianggap umat Kami, sabab manehna geus cidra kana perjangjian Kami.”
15
Aya deui pangandika Allah ka Ibrahim, ”Pamajikan maneh ulah disebut deui Sarai. Ngaranna ayeuna mah Sarah.
16
Kami baris ngaberkahan, manehna baris ngajuru hiji budak lalaki anu baris dibikeun ku Kami ka maneh. Enya, Kami baris ngaberkahan Sarah, manehna baris jadi karuhun bangsa-bangsa. Di antara turunanana baris aya raja-raja.”
17
Bruk Ibrahim sujud nyium taneuh, tapi bari gumujeng, sabab ceuk manahna: ”Karah jelema geus umur 100 taun rek boga anak? Sarah nu geus 90 taun, karah baris anakan?”
18
Tapi ari unjukanana mah kieu, ”Disuhunkeun, mugi Ismail dipangraksakeun supados lulus mulus.”
19
Tapi Allah ngandika, ”Lain kitu. Sarah pribadi, pamajikan maneh, baris ngandung anak maneh, lalaki. Ku maneh kudu dingaranan Ishak. Eta budakna kaasup kana perjangjian Kami, kitu deui turunan-turunanana, keur salalanggengna.
20
Pamenta maneh ngeunaan Ismail, ku Kami tangtu dimakbul. Ku Kami rek diberkahan. Satuluyna baris anak baranahan loba turunan. Baris jadi karuhun dua welas kapala kaom, ari turunanana ku Kami baris dijadikeun hiji bangsa nu gede.
21
Ngeunaan anak maneh Ishak, anu baris lahir ti Sarah taun hareup kira-kira tepung waktu ieu, perjangjian Kami tetep moal barobah.”
22
Sanggeus ngandika kitu, lajeng Allah angkat ngantun Ibrahim.
23
Poe eta keneh, Ibrahim nyepitan putrana, Ismail. Kitu deui jelema-jelema anu karumawula, boh anu asal lahir di dinya, boh anu meunang ngagaleuh, cindekna sakur lalaki kabeh ku anjeunna disarunatan, tumut satimbalan Allah.
24
Harita, waktu Ibrahim disepitan, yuswana geus 99 taun,
25
ari Ismail putrana geus 13 taun.
26
Ibrahim disepitanana sapoe reujeung jeung putrana, bareng jeung sakabeh jelema-jelema anu karumawula ka anjeunna.
← Chapter 16
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 18 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36
37
38
39
40
41
42
43
44
45
46
47
48
49
50