bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Job 27
Job 27
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 26
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 28 →
1
”Kuring sumpah demi jumenenging Allah Nu Maha Kawasa, anu teu adil ka kuring, anu nganalangsakeun hate kuring,
3
yen: Sapanjang Allah maparin keneh ambekan,
4
paliyas ieu biwir ngucap goreng, ieu letah moal dibikeun ngabohong.
5
Kana pamadegan aranjeun ge pamohalan ngabenerkeun, sarta nepi ka paeh ge keukeuh kuring teu rumasa boga salah.
6
Seja kukuh dina cecekelan yen kuring bener, moal robah pipikiran yen yakin kitu.
7
Mugia teuing anu ngabararantah ngalawan kuring sing nandangan hukumanana, tong dibedakeun ti nu jahat, ti nu garoreng lampahna.
8
Lamun nyawana ku Allah geus dicararabut, cik eta anu marunapek teh rek kumaha!
9
Dina waktu maranehna katarajang papait, naha panyambatna bakal didangu ku Allah?
10
Keun sina galandrung hararayang meunang kabagjaan ti Allah, sina sasambat ka Mantenna teu eureun-eureun.
11
Sugan aranjeun teh kudu dipapatahan ku kuring, diwuruk hal agungna kawasaning Allah, sangkan nyaraho kumaha rarancang Mantenna Nu Maha Kawasa,
12
sanajan eta teh kateuteu-ari, da ku aranjeun ge geus karasa. Na ku naon atuh anggur ngocoblak taya hartina?”
13
”Kieu hukuman ti Anu Maha Kawasa ka nu doraka tur lalim:
14
Pek sing laloba anak, tapi anak-anakna kabeh baris paraeh ku perang, incu-incuna karurang dahar.
15
Nu barisa keneh hirup baris hus hos ditekukan ku panyakit, ku randana ge moal ieuh diceungceurikan.
16
Pek baroga perak mangpeti-peti, papakean sababaraha lamari,
17
tapi perakna kapimilikna mah ku nu jalujur, papakeanana dipakena mah ku jalma-jalma anu balageur.
18
Imahna nangtungna moal lila-lila, cara ramat lancah, atawa sasaungan tukang tunggu kebon.
19
Basa reup mondok mah beunghar, tapi panungtungan, da barang nyaring, kasugihanana geus euweuh.
20
Jol balahi narajang, lir caah ngadadak, wanci peuting dirina kapangpengkeun ku angin ribut,
21
kabawa kabur ti imahna ku angin ti wetan.
22
Sabot roroesan hayang salamet, gebut ku angin dibeubeutkeun taya kawatir.
23
Barang keur lumpat, hiuk katebak deui ku angin, ngagelebug matak sieun, matak binasa.”
← Chapter 26
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 28 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36
37
38
39
40
41
42