bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Jonah 3
Jonah 3
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 2
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 4 →
1
PANGERAN nimbalan deui ka Yunus.
2
Timbalana-Na, ”Geura indit ka Ninewe, kota nu gede tea, tepikeun ka urang dinya sakumaha timbalan Kami.”
3
Yunus nurut, tuluy angkat ka Ninewe. Ninewe teh kota gede pisan, ngambah eta kota teh lalakon tilu poe.
4
Yunus lebet ka dinya. Sanggeus angkat sapoe jeput, anjeunna mimiti nguarkeun, saurna, ”Opat puluh poe deui Ninewe bakal dibasmi!”
5
Urang Ninewe palercaya kana eta pesen PANGERAN. Maranehna mutuskeun yen kabeh kudu puasa, sakabeh jelema, ti nu pangmulyana nepi ka nu panghinana sarta kudu marake baju karung, nandakeun pertobat.
6
Barang raja Ninewe ngadenge eta perkara, neut cengkat tina tahtana, tuluy nyosoeh jubahna, diganti ku baju karung, tuluy diuk dina lebu.
7
Geus kitu anjeunna ngaluarkeun bewara ka sakumna rahayat Ninewe, ungelna, ”Ieu parentah raja jeung para gegedenna: Jalma-jalma, sapi, domba, teu meunang aya nu dahar naon-naon, teu meunang dahar, teu meunang nginum.
8
Jalma-jalma kabeh kudu marake baju karung. Sasatoan oge kudu dipakeanan karung. Saban jalma kudu sasambat ka Allah masing enya-enya pisan, sarta kudu miceun adat nu goreng, nyegah lampah nu jahat.
9
Muga-muga Allah robah manah sarta bendu-Na leler, supaya urang ulah paraeh!”
10
Allah ningali lampah maranehna. Ningalieun yen maranehna geus miceun tabeatna anu jahat. Ku sabab kitu pangersa-Na dirobah, henteu tulus ngahukum maranehna.
← Chapter 2
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 4 →
All chapters:
1
2
3
4