bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Leviticus 24
Leviticus 24
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 23
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 25 →
1
PANGERAN ngandika deui ka Musa,
2
supaya maparinkeun ieu pikukuh ka urang Israil: Lampu-lampu Kemah Tepangan kudu make minyak anu pangalusna pangherangna, supaya hurungna bisa terus.
3
Saban geus burit lampu-lampuna kudu diseungeutan ku Harun, hurungna kudu terus nepi ka isuk di payuneun PANGERAN, nya eta di luareun reregan anu ngaalingan Peti Perjangjian di Tempat Pangsucina. Ieu pikukuh kudu diestokeun salalawasna.
4
Eta lampu-lampu anu sukuna emas murni diurusna kudu ku Harun, jeung kudu dijaga supaya hurungna angger, di payuneun PANGERAN.
5
Nyokot tipung dua belas kilo, jeung jieun roti dua belas siki.
6
Rotina ambengkeun dua jajar genep-genep dina meja emas murni tea payuneun PANGERAN.
7
Unggal jajaran teundeunan dupa anu tulen, sarat ngalinggihkeun PANGERAN mayunan eta katuangan.
8
Diambengkeunana kudu mayeng saban poe Sabat jeung kudu cara kitu, di payuneun PANGERAN. Ieu jadi kawajiban urang Israil salalawasna.
9
Eta roti engkena pikeun Harun jeung anak-anakna. Didaharna kudu di tempat suci, sabab sipat eta kadaharan teh kacida sucina lantaran tina ambengan anu dibaktikeun ka PANGERAN pikeun imam-imam.
10
Aya hiji jelema, bapana urang Mesir indungna urang Israil ngaran Selomit binti Dibri ti kaom Dan. Eta jelema pasea di pasanggrahan jeung hiji urang Israil nepi ka ngagogoreng jenengan Allah. Seug dideuheuskeun ka Musa
12
bari di jaga sabot ngadago pituduh PANGERAN, kudu dikumahakeun eta jelema teh.
13
Ari dawuhan PANGERAN ka Musa,
14
”Bawa eta jelema ka luareun pasanggrahan. Sakur anu ngadenge ngagogorengna ka Kami kudu numpangkeun leungeun kana hulu eta jelema, tanda ngaenyakeun eta jelema teh salah, geus kitu jelemana baledogan ku sarerea make batu nepi ka paeh.
15
Urang Israil bere nyaho yen anu ngagogoreng jenengan Allah kudu narima wawales,
16
dipaehan. Saha bae, boh urang Israil boh nu sejen nu aya di Israil anu ngagogoreng jenengan PANGERAN kudu dibaledogan ku batu ku sajamaah.
17
Sing saha anu maehan kudu dipaehan.
18
Sing saha anu maehan pipiaraan batur kudu ngaganti. Sabab hutang nyawa bayar nyawa.
19
Anu nyacadan batur kudu dicacadan deui.
20
Nu mateuhkeun pateuhan deui, nu mecakan pecakan deui, nu ngompongan ompongan deui. Naon bae kalakuanana anu ngalantarankeun batur jadi ruksak, kudu dibales kitu deui.
21
Nu maehan pipiaraan batur sakadar kudu ngaganti, tapi nu maehan jelema mah kudu dipaehan.
22
Ieu hukum teh pikeun maraneh kabeh urang Israil, jeung oge pikeun urang asing anu caricing di maraneh, karana Kami teh PANGERAN, Allah maraneh.”
23
Sanggeus Musa misaur, seug eta jelema teh ku urang Israil dibawa ka luareun pasanggrahan tuluy dibaledogan ku batu nepi ka paeh. Pangandika Allah ka Musa perkara eta ku urang Israil geus dilaksanakeun.
← Chapter 23
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 25 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27