bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Luke 15
Luke 15
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 14
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 16 →
1
Dina hiji poe loba tukang mulung pajeg jeung jelema-jelema nu dipandang teu hade ku masarakat daratang ngadarengekeun Yesus.
2
Urang Parisi jeung guru-guru agama mimiti ngaromongkeun, pokna, ”Eta Manehna, ku naon daek nampa jelema-jelema teu hade, malah daek dahar bareng!”
3
Ku hal eta Yesus nyarioskeun ieu misil ka maranehna,
4
”Upamakeun, aya anu boga domba saratus leungit hiji, cik rek kumaha nu bogana? Tangtu indit ka sampalan, ninggalkeun dombana anu salapan puluh salapan, neangan sahiji anu leungit nepi ka kapanggih.
5
Sanggeus kapanggih kacida atoheunana, dombana nepi ka dipunggu dina taktakna
6
dibawa balik. Geus kitu nyalukan babaturan jeung tatangga-tatanggana, tuluy nyarita, ʼKuring kacida atohna, domba kuring nu leungit geus kapanggih. Ayeuna hayu urang suka-suka!ʼ
7
Nya kitu di sawarga oge, sing percaya, lamun aya jelema doraka saurang anu tobat, kacida matak bungahna, leuwih bungah ku eta anu saurang ti batan ku anu salapan puluh salapan anu geus balener jeung teu perlu tobat deui.”
8
”Atawa upamakeun, aya hiji awewe boga dinar sapuluh leungit hiji, cik rek kumaha? Imahna disapuan, didamaran, dinarna diteangan imeut ka ditu ka dieu nepi ka kapanggih.
9
Geus kitu manehna nyalukan babaturan jeung tatangga-tatanggana tuluy nyarita, ʼKuring kacida bungahna, leungit dinar hiji kapanggih deui. Ayeuna hayu urang suka-suka!ʼ
10
Sing percaya, nya kitu pisan lamun aya hiji jelema doraka anu tobat, para malaikat Allah kacida barungaheunana.”
11
Pilahir Yesus deui, ”Aya hiji jelema boga anak lalaki dua.
12
Anu bungsu nyarita ka bapana, ʼBapa, harta bagian abdi teh bade disuhunkeun ayeuna bae.ʼ Bapana ngagugu, tuluy kakayaanana dibagikeun ka anak-anakna.
13
Heuleut sawatara poe nu bungsu ngajualan warisan bagianana, duitna dibawa indit ka nagri anu jauh, dipake roroyalan sakarep-karep.
14
Sanggeus duitna beak, eta nagri katarajang bahla kalaparan; hirupna si bungsu geus muluntu.
15
Tuluy manehna buburuh ka hiji jalma urang dinya, dititah ka tegal ngajaga bagong.
16
Manehna kacida lapareunana nepi ka kabita hayang ngeusian beuteung ku parab bagong, tapi teu aya anu mere dahareun naon-naon.
17
Kakara manehna eling, hatena ngalengis, ʼDi bapa mah dahareun kuli-kuli ge datang ka leuwih, ari aing di dieu nepi ka meh paeh kalaparan!
18
Mending oge balik ka bapa, rek wakca: Bapa, abdi rumaos dosa ka Allah sareng ka Bapa.
19
Parantos teu pantes diangken deui putra, jadikeun kuli bae abdi mah.ʼ
20
Sanggeus mikir kitu bral indit rek balik ka bapana. Jauh-jauh keneh bapana geus nenjoeun, hatena ngahelas liwat saking tuluy muru, gabrug ngarangkul jeung ngagalentoran.
21
ʼBapa,ʼ ceuk anakna, ʼabdi rumaos dosa ka Allah sareng ka Bapa. Parantos teu pantes diangken deui putra.ʼ
22
Tapi bapana anggur nyalukan bujang-bujangna. ʼGeuwat!ʼ carekna. ʼBawa ka dieu pakean anu pangalusna, pakekeun ka ieu anak kami. Pakekeun ali kana ramona, tarumpahan sukuna.
23
Peuncit sapi anu panglintuhna, urang pesta suka-suka!
24
Sabab ieu anak kami anu geus paeh ayeuna hirup deui, leungit kapanggih deui.ʼ Ti dinya tuluy bae pesta.
25
Ari nu cikal harita keur di tegal. Dina waktu keur balik, sanggeus deukeut ka imah, ngadenge sora tatabeuhan jeung nenjo anu keur ngarigel.
26
Tuluy nyalukan bujang saurang, nanyakeun, ʼAya naon di imah?ʼ
27
Ceuk bujang, ʼTuang rayi sumping, ku tuang rama dipangmeuncitkeun sapi anu panglintuhna, reh putrana sumping deui kalayan teu kirang sawios-wios.ʼ
28
Si cikal ambek terus pundung embungeun ka imah. Ku bapana diteang terus dicombo, diolo sina balik.
29
Tapi tembalna ka bapana, ʼAbdi baranggawe di Bapa parantos mangtaun-taun sapertos kuli bae, parentah Bapa teu aya anu dipungpang. Parantos kenging naon ti Bapa? Teu dipaparin embe-embe acan pikeun abdi sukan-sukan sareng babaturan.
30
Ari eta, putra Bapa anu nembe sumping tas ngawur-ngawur harta banda Bapa ka awewe balangor, ku Bapa mani dipangmeuncitkeun sapi anu panglintuhna!ʼ
31
Walon bapana, ʼAnaking! Ujang mah kapan salawasna oge jeung Bapa bae. Jeung deui banda Bapa nya banda hidep keneh.
32
Pantes lamun urang ayeuna sukan-sukan suka bungah, sabab adi ujang anu sasatna geus paeh ayeuna hirup deui, leungit datang deui.ʼ ”
← Chapter 14
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 16 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24