bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Proverbs 10
Proverbs 10
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 9
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 11 →
1
Ieu pituah-pituah Suleman: Anak pinter bapa nu bungah. Anak gejul indung nu nalangsa.
2
Harta banda beunang teu jujur, moal aya berekahna. Ari jujur mah matak rahayu.
3
Jalma bener ku PANGERAN moal diantep kalaparan. Jalma jahat mah angen-angenna ku PANGERAN dipegat sina teu laju.
4
Nu kedul baris muluntu. Anu getol mah pibeunghareun.
5
Anu rajin ngumpulkeun pare dina usum dibuat eta jelema binangkit. Anu kebluk dina usum panen mah jelema pikacelaeun.
6
Jelema bener baris narima berekah. Ucapan jalma jahat mah ngandung niat nu telenges.
7
Jelema bageur mah mangrupa berekah, bakal dipikatineung, sabalikna nu jahat mah baris tereh kapopohokeun.
8
Jalma binangkit, daek narima pituah. Nu gejul omonganana mah baris tijuralit.
9
Jalma jujur bakal lulus mulus. Nu teu jujur mah pasti kabitur.
10
Jalma anu sumput salindung ngadatangkeun kasusah. Jalma nu wani mere panggeuing mah ngusahakeun karapihan.
11
Pitutur jelema hade teh jadi sumberna hirup. Ucapan jelema jahat mah ngandung niat nu telenges.
12
Kaceuceub teh ngahudang picekcokeun, ari kanyaah mah hampuraan kana sagala kasalahan.
13
Jalma nu luhur pangarti, omonganana ngareusi. Jalma gejul mah geus sapantesna mun kahukum.
14
Jalma pinter sanggup ngudag sagala pangarti. Sabalikna anu gejul mah saucap-ucapna teh dareukeut ka pibahlaeun.
15
Kakayaan ngabenteng jalma baleunghar. Kamiskinan mah ngabinasa nu mariskin.
16
Kahadean teh ganjaranana hirup jamuga. Ari dosa mah kalah ka nungtun kana dosa deui.
17
Jalma nu daek nampa panggeuing tangtu salamet. Anu embung disalahkeun mah hirupna dina bahaya.
18
Jalma anu nyumputkeun kangewa, eta ngabohong. Jalma anu resep ngupat mah eta teh jelema gejul.
19
Beuki loba omong beuki loba masiat. Jalma lantip budi mah resep keneh balem.
20
Pitutur jelema bener saibarat perak tulen. Ari jalma jahat mah pipikiranana taya hargana.
21
Pitutur jelema bener matak untung jalma rea. Sabalikna jalma gejul mah paeh ku kagejulanana.
22
Berkah PANGERAN nu ngabeungharkeun teh, ari saukur getol mah moal matak nambahan beunghar.
23
Jalma gejul resep kana lampah teu uni. Nu luhur pangarti mah mikaresep kana hikmah.
24
Jalma bener bakal laksana kahayangna. Ari nu jahat mah kalah ka meunang anu dipikasieun.
25
Ana datang topan, nu gejul kapangpengkeun, ari nu jujur mah salamet.
26
Nitah ka nu kedul mah matak bae jengkel, mun cuka mah matak linu kana huntu, mun haseup matak peurih kana panon.
27
Sieun ku PANGERAN matak panjang umur, da nu jahat mah paehna ge samemeh mangsa.
28
Harepan jelema bener matak ngabungahkeun. Ari jelema jahat mah harepanana mubadir.
29
Jalma jujur ku PANGERAN diraksa. Jalma salah mah dibinasa.
30
Jelema bener salawasna reugreug. Ari nu jahat mah moal bisa tetep nyicingan tanah.
31
Jelema bener nyaritana wijaksana. Ari jelema anu sok goreng sungut mah, letahna baris diured.
32
Jelema bener nyaho kana pitutur anu aya maunatna. Jelema jahat mah saucap-ucapna teh panipuan wungkul.
← Chapter 9
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 11 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31