bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Song of Solomon 3
Song of Solomon 3
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 2
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 4 →
1
Saban peuting, ari di ranjang geus sare, anjeunna kaimpi bae, kaimpi keur diteangan, weleh teu kapanggih bae.
2
Diaprak saluluar kota, dilongok ka jalan jeung jajahan, disusul ka lulurung, haben bae diteangan, tapi lebeng teu kapanggih.
3
Anggur tepung jeung nu ngaronda, ku kuring ditanya, ”Manawi pendak sareng panutan kuring?”
4
Tapi henteu lila ti harita, ana gok teh anjeunna kapanggih. Gabrug dirangkul tipepereket, henteu dilesotkeun deui, tuluy diajak ka bumi ibu, sup ka pangkeng tempat kuring dijurukeun.
5
Wanoja-wanoja Yerusalem, aranjeun kudu jarangji, sumpah demi uncal anu rikat jeung demi uncal bikang, ulah rek ganggu kana kacinta kuring duaan.
6
Naon itu anu mumbul ti lebah gurun, jiga haseup ngebun, tur kasawur ku seungit dupa jeung emur, sarupaning seuseungitan dagangan para sudagar?
7
Leuh geuning Suleman, sumping nitihan jampana, dikawal ku genep puluh prajurit, prajurit-prajurit petingan Israil,
8
kabeh oge jago ulin pedang, ahli jurit tukang tarung, masing-masing nyoren pedang, taki-taki tina bahlaning peuting.
9
Raja Suleman nitihan jampana, tina kai kelas hiji,
10
tihang-tihangna dilakop perak, tiungna disulam emas, babantalna disarungan lawon wungu, endah lemes beunang ninun putri-putri Yerusalem.
11
Heuy, wanoja-wanoja Sion, yap nongton Raja Suleman. Anjeunna nganggo makuta, ibuna ku anjeun nu nerapkeunana, dina poean rendenganana, poe kabagjaanana.
← Chapter 2
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 4 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8