bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Zechariah 3
Zechariah 3
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 2
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 4 →
1
PANGERAN maparin deui titingalan ka sim kuring. Mantenna nembongkeun Imam Agung Yosua keur ngadeg di payuneun malaikat PANGERAN. Di gedengeunana aya Setan, anu maksudna rek ngadakwakeun anjeunna.
2
Malaikat PANGERAN ngalahir ka eta Setan, lahiranana, ”Sing disapa maneh, Setan, ku PANGERAN! PANGERAN, anu mikaasih ka Yerusalem mangka nyapa ka maneh. Ieu jalma lir upama kayu sapotong beunang ngadudut tina durukan.”
3
Yosua aya ngadeg di dinya, anggoanana dekil.
4
Malaikat tea nimbalan ka para pangbantuna di sawarga, ”Cuculan pakean kotorna ieu jelema.” Geus kitu anjeunna ngalahir ka Yosua, ”Dosa maneh ku Kami geus dipiceun. Maneh baris disalinan ku pakean anu anyar.”
5
Seug malaikat teh miwarang para pangbantuna nerapkeun sorban anu beresih kana mastaka Yosua. Ku maranehna dilampahkeun, sarta sanggeus kitu maranehna nganggokeun pakean anyar ka Yosua, diawaskeun ku malaikat PANGERAN.
6
Geus kitu anjeunna ngalahir ka Yosua, lahiranana,
7
”Dawuhan PANGERAN Nu Maha Kawasa, upama maneh nurut kana hukum-hukum Kami, sarta ngalakonan kawajiban anu diembankeun, maneh bisa terus ngurus Bait Allah katut pakaranganana; paneda-paneda maneh tangtu ku Kami didenge, cara kana paneda malaikat-malaikat anu araya di payuneun Kami.
8
Ku sabab kitu dengekeun Yosua, maneh teh Imam Agung; sarta maraneh, imam-imam bawahanana, darengekeun, maraneh teh lambang jaman senang nu bakal datang. Kami baris ngutus abdi Kami anu disebut ʼSirungʼ!
9
Ayeuna Kami rek nempatkeun ieu batu anu ngan hiji-hijina di hareupeun Yosua, batu juru tujuh. Eta ku Kami rek diukir, ditulisan hiji prasasti. Geus kitu Kami baris mupus dosa ieu nagri di jero sapoe.
10
Upama mangsa eta geus cunduk, saban jalma ti kalangan maneh bakal ngondang tatangga-tatangga, diajak milu ngarasakeun kaayaan anu runtut rukun tur aman, dikurilingan ku kebon-kebon anggur jeung tangkal-tangkal kondang.”
← Chapter 2
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 4 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14