bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
1 Chronicles 22
1 Chronicles 22
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 21
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 23 →
1
Geus kitu Daud sasauran, ”Nya di dieu pitempateunana Bait GUSTI Allah teh. Nya di dieu pitempateunana altar paragi urang Israil ngaduruk kurban-kurban teh.”
2
Raja Daud marentah ngumpulkeun jalma-jalma anu ngumbara di tanah Israil, tuluy digarawekeun. Sawareh disina natah batu-batu pikeun adegan Bait Allah.
3
Anjeunna geus sadia beusi pirang-pirang lobana keur nyieun paku jeung engsel pikeun panto kai. Tambaga oge sadia kacida lobana nepi ka moal bisa ditimbang.
4
Ka urang Tirus jeung Sidon anjeunna mundut balok-balok kai kiputri kacida lobana.
5
Panggalihna, ”Bait Allah buatan anak aing teh kudu aheng, kudu matak mashur ka saalam dunya. Anak aing budak keneh jeung can aya kanyahona, jadi ku aing kudu dipangnyadiakeun bahan-bahanna.” Nu matak samemeh pupus teh Daud nyayagikeun heula bahan-bahan adegan kacida lobana.
6
Suleman putrana disaur, ditimbalan ngadamel gedong pikeun PANGERAN, Allah Israil.
7
Kieu saur Daud ka putrana, ”Anaking, Ama teh hayang nyieun gedong pikeun ngamulyakeun ka PANGERAN, Allah Ama.
8
Tapi PANGERAN teu masihkeun Ama nyieun eta gedong keur Mantenna, sabab timbalana-Na Ama teh geus loba teuing maehan, sering teuing perang, loba teuing ngocorkeun getih batur.
9
Tapi Mantenna jangji ka Ama, timbalana-Na, ’Maneh bakal boga anak anu bakal jadi raja jeung moal kasorang ku perang, ku Kami rek dikertakeun, moal disina didatangan ku musuh. Ari pingaraneunana Suleman, sabab sapanjang dirajaan ku manehna, Israil ku Kami rek disina aman santosa.
10
Nya manehna engke anu bakal nyieun gedong pikeun Kami. Manehna pijadieun putra Kami, Kami pijadieun Ramana. Turunanana pijadieun raja Israil sapapanjangna.’ ”
11
Daud terus keneh sasauranana, ”Mugia PANGERAN, Allah hidep, nyarengan ka hidep, Anaking! Mugia Mantenna ngalaksanakeun jangji-Na sangkan hidep bisa ngadegkeun eta gedong pikeun Mantenna.
12
Mugia hidep ku PANGERAN Allah hidep dipaparin budi pangarti, wijaksana, supaya bisa ngatur urang Israil luyu jeung Hukum Mantenna.
13
Lamun hidep ngalakonan hukum-hukum anu ku PANGERAN ditimbalkeun ka Musa pikeun sakumna bangsa Israil, tangtu hasil sapaneja. Sing teteg gede hate, ulah sieun kitu sieun kieu.
14
Hal nyieun Bait Allah, bahanna Ama geus kukumpul, emas aya saratus rebu talenta, perak sajuta talenta, tambaga jeung beusi pirang-pirang, kayu jeung batu geus loba tapi ku hidep tambahan sing leuwih loba.
15
Nu baris migawena hidep moal kakurangan jelema, tukang ngalian batu, tukang natah batu, tukang kayu, kitu deui tukang juan-jieun tina
16
emas, perak, tambaga jeung beusi. Prung geura pigawe, mugia hidep disarengan ku PANGERAN.”
17
Daud tuluy nimbalan ka sakabeh pamingpin Israil, dipiwarang ngabantu Suleman.
18
Saurna, ”Maraneh geus disarengan ku PANGERAN, Allah maraneh, aman santosa sakurilingna. Kami ku Mantenna dikersakeun bisa ngelehkeun bangsa-bangsa pribumi ieu tanah, sarta ayeuna eta teh jadi bawahan maraneh, diereh ku PANGERAN.
19
Nu matak maraneh kudu kumawula ka PANGERAN, Allah maraneh, terus jeung hate, terus jeung nyawa. Geura prak Bait Allah teh adegkeun. Tempatkeun engke di dinya Peti Perjangjian PANGERAN jeung sagala parabot suci paranti babakti ka Mantenna.”
← Chapter 21
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 23 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29