bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
1 Chronicles 25
1 Chronicles 25
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 24
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 26 →
1
Kajaba ti eta, Raja Daud jeung para pamingpin urang Lewi ngangkat warga Asap, warga Heman jeung warga Yedutun, pikeun mingpin ibadah. Papancenna nya eta ngucapkeun wahyu ti Allah dipirig ku nabeuh kacapi jeung kecrek. Jalma-jalma anu diangkat pikeun mingpin ibadah katut kawajiban tiap rombongan nya eta:
2
Putra Asap opatan: Sakur, Yusup, Netanya jeung Asarela, purah ngucapkeun sabda Allah upama geus ditimbalan ku raja. Diaturna ku Asap.
3
Putra Yedutun genepan: Gedalya, Seri, Yesaya, Simei, Hasabya jeung Matica, purah ngucapkeun sabda Allah dipirig ku sora kacapi, jeung purah nyanggakeun pupujian jeung lagu panarima ka PANGERAN. Diaturna ku ramana.
4
Putra Heman opat belas urang: Bukya, Matanya, Usiel, Sebuel, Yerimot, Hananya, Hanani, Elyata, Gidalti, Romamti Eser, Yosbekasa, Maloti, Hotir jeung Mahasiot.
5
Heman, juru peleng raja, pangna kagungan putra pameget nepi ka opat belas, malah jeung putra istri tilu, ku karana berkah kurnia Allah anu geus ngajangjikeun baris ngangkat darajat anjeunna.
6
Putra-putra nu pameget kabeh narabeuh kacapi jeung kecrek ngabarengan aturan ibadah di Bait Allah. Asap, Yedutun jeung Heman, aya dibawah parentah raja.
7
Eta dua puluh opat urang kabeh geus arahli dina papancenna. Jalma-jalma urang Lewi purah ngalagu oge kabeh geus palinter. Jumlah kabeh dua ratus dalapan puluh dalapan urang.
8
Ari giliran waktuna, nu kolot, nu ngora, nu geus palinter, jeung nu kakara bisa, kabeh dilotre.
9
Anu dua ratus dalapan puluh dalapan urang tea dibagi nurutkeun kulawarga masing-masing jadi dua puluh opat rombongan dua belas dua belas, unggal rombongan aya pamingpinna. Parelean ngajalankeun kawajibanana nurutkeun undian kieu: 1. Yusup, ti kulawarga Asap — 13. Sebuel 2. Gedalya — 14. Matica 3. Sakur — 15. Yerimot 4. Seri — 16. Hananya 5. Netanya — 17. Yosbekasa 6. Bukya — 18. Hanani 7. Asarela — 19. Maloti 8. Yesaya — 20. Elyata 9. Matanya — 21. Hotir 10. Simei — 22. Gidalti 11. Usiel — 23. Mahasiot 12. Hasabya — 24. Romamti Eser
← Chapter 24
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 26 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29