bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
2 Chronicles 21
2 Chronicles 21
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 20
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 22 →
1
Sanggeus pupus Yosapat dikurebkeun di makam karajaan di Kota Daud. Ti dinya Yehoram, putrana, jumeneng raja ngagentos anjeunna.
2
Yehoram putra Raja Yosapat di nagara Yuda saderekna genep: Asarya, Yehiel, Jakaria, Asaryahu, Mikael jeung Sepaca.
3
Ku ramana dipaparin emas perak loba pisan jeung barang-barang anu marulya tuluy dipencar, masing-masing sina ngurus hiji kota benteng di Yuda. Ari Yehoram putra pangsepuhna ku Yosapat disina ngagentos anjeunna.
4
Sanggeus ngarajaanana pageuh, Yehoram maehan saderek-saderekna jeung sawatara urang pajabat Israil.
5
Yehoram mimiti jadi raja dina yuswa tilu puluh dua taun, ngarajaanana dalapan taun, calikna di Yerusalem.
6
Lampahna jahat cara Raja Ahab jeung raja-raja Israil lianna, da garwaanana ka putra Ahab, pantes goreng kalakuanana di payuneun PANGERAN.
7
Tapi PANGERAN teu kersaeun ngaruksak ka turunan Daud, reh ka Daud geus ngadamel perjangjian sarta ikrar yen turunan anjeunna salawasna bakal aya anu jadi raja.
8
Waktu Yehoram ngarajaan, urang Edom barontak ka Yuda nepi ka ngadegkeun karajaan sorangan.
9
Yehoram jeung para senapatina mepek pasukan kareta tuluy ngarurug ka Edom. Ku balad Edom dikurung. Tapi dina peutingna bisa norobos kepungan tuluy kalabur.
10
Ti harita Edom leupas ti Yuda. Dina waktu eta keneh nagara Libna oge barontak, sabab Yehoram mungkir ti PANGERAN, Allah karuhunna.
11
Malah nepi ka ngadegkeun tempat-tempat ngabakti ka brahala di tanah-tanah pigunungan Yuda, ngalantarankeun urang Yuda jeung urang Yerusalem doraka ka PANGERAN.
12
Geus kitu Yehoram nampi surat ti Nabi Elias, ungelna, ”Anjeun bakal dihukum ku PANGERAN, Allah karuhun anjeun. Reh anjeun henteu nuturkeun lampah kasaean tuang rama, Raja Yosapat, sareng tuang eyang Raja Asa.
13
Anu ditulad ku anjeun kalakuan raja-raja Israil, tur ngagoda ka urang Yuda sareng urang Yerusalem sina malungkir ti Allah. Sapertos kalakuan Ahab sareng raja-raja gantina, anu ngalantarankeun Israil mungkir ti Allah. Turug-turug anjeun maehan saderek-saderek ku anjeun, anu leuwih bageur ti batan anjeun.
14
Temahna, rahayat anjeun, putra-putra anjeun, garwa-garwa anjeun, ku PANGERAN bakal dihukum kacida beuratna. Sagala kagungan anjeun bakal diruksak.
15
Anjeun pribadi bakal katerap kasakit dina peujit, pohara nyerina, beuki lila beuki parna.”
16
PANGERAN lajeng ngangsonan hate urang Pelisti jeung urang Arab, anu maratuhna deukeut ka urang Sudan di sapanjang basisir, sina merangan ka Yehoram.
17
Brul ngarurug ka Yuda, ngarampog karaton Yuda, malah ngarampog garwa-garwa jeung putra-putra raja, dijieun tawanan. Ngan saurang putra raja anu henteu kaboyong nya eta Ahasia, nu panganomna.
18
Geus kitu teh raja ku PANGERAN diterapan kasawat di jero lambut kacida nyerina.
19
Meh dua taun kasawatna beuki parna bae. Tungtungna raja teh pupus, sakaratna matak watir. Sanggeus pupus ku rahayatna henteu dipangnyieunkeun api unggun anu nandakeun sungkawa katilar ku anjeunna, teu cara karuhun-karuhunna.
20
Yehoram mimiti jumeneng raja dina yuswa tilu puluh dua taun ngarajaanana dalapan taun, calikna di Yerusalem. Waktu pupusna jalma-jalma taya anu ngarasa prihatin. Anjeunna dikurebkeun di Kota Daud, tapi lain di makam karajaan.
← Chapter 20
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 22 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36