bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
2 Chronicles 5
2 Chronicles 5
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 4
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 6 →
1
Sanggeus sagala rupa pagawean pikeun Bait Allah tea rengse, sagala barang-barang perak, emas, jeung salianna anu ku Daud Ramana geus dibaktikeun ka PANGERAN, ku Raja Suleman disimpen di Bait Allah, di kamar panyimpenan.
2
Geus kitu, Raja Suleman nimbalan ka sakabeh pamingpin kaom jeung kapala-kapala golongan Israil, supaya karumpul di Yerusalem, rek mindahkeun Peti Perjangjian PANGERAN ti Sion, Kota Daud ka Bait Allah.
3
Sarerea geus karumpul dina mangsa Pesta Saung Daun.
4
Sanggeus para kapala kabeh kumpul, Peti Perjangjian teh diangkat ku urang Lewi,
5
terus digotong ka Bait Allah. Kemah Tepangan PANGERAN oge katut unak-anikna ku para imam jeung urang Lewi dipindahkeun ka Bait Allah.
6
Ti dinya Raja Suleman katut sakumna bangsa Israil kumpul di hareupeun Peti Perjangjian, ngurbankeun domba jeung sapi pirang-pirang, loba teuing mun diitung.
7
Sanggeus kitu Peti Perjangjian PANGERAN teh ku para imam diasupkeun ka jero Bait Allah, dipernahkeun di Kamar Pangsucina, handapeun jangjang mumukarabinan,
8
sarta eta Peti katut rancatanana kaauban ku jangjangna anu maleber.
9
Congo-congo rancatanana bisa katenjo ku saha bae anu nangtungna lempeng hareupeun Kamar Pangsucina, ari ti beulah sejen mah henteu katembong. (Eta rancatan-rancatan ayana di dinya tetep nepi ka kiwari.)
10
Eusi Peti Perjangjian taya naon-naonna deui salian ti dua gebleg papan batu sisimpenan Musa keur di Gunung Sinai, basa PANGERAN ngadamel jangji ka urang Israil dina perjalanan maranehna waktu budal ti Mesir tea.
11
Para imam ti sagala golongan geus araya, kabeh geus beberesih. Para pamaen musik urang Lewi oge jaronghok: Asap, Heman, Yedutun, jeung para anggota golonganana, marake pakean tina lawon lenen, narangtung deukeut altar pongpok wetan narabeuh kecrek jeung kacapi, dibarengan ku saratus dua puluh imam nariup tarompet. Breng nyaranyi ditarimbang ku sora tarompet, kecrek jeung tatabeuhan sejen, layeut awor kacida rasmina, maruji sukur ka PANGERAN, pokna, ”Sagala puji ka PANGERAN, mulya manah-Na, mikaasih salalanggengna.” Sabot para imam kalaluar ti jero Bait Allah, eta gedong ujug-ujug pinuh ku mega anu ngempray, dibarengan ku gebrayna cahaya kamulyaan PANGERAN anu matak serab, nepi ka para imam teu karuateun lila-lila ngabaraktina.
← Chapter 4
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 6 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36