bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
2 Kings 1
2 Kings 1
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 2 →
1
Sanggeus Ahab raja Israil pupus, urang Moab barontak ka Israil.
2
Hiji mangsa Ahasia raja Israil ragrag tina loteng karaton di Samaria, seug jadi teu damang. Tuluy miwarang ponggawana ka Ekron, sina menta pituduh ka Beel Sebul dewa urang Pelisti, naha kasawatna bakal damang deui atawa moal.
3
Malaikat PANGERAN nimbalan ka Nabi Elias urang Tisbe, miwarang megat utusan Ahasia jeung kudu sasauran kieu, ”Ari di Israil naha geus euweuh Allah, nepi ka rek menta pituduh ka Beel Sebul dewa urang Ekron?
4
Bejakeun ka raja, timbalan PANGERAN, ʼManeh moal cageur deui, bakal tuluy paeh.ʼ ” Elias tumut kana timbalan.
5
Gancangna utusan-utusan raja baralik deui. Ku raja dipariksa, ”Ku naon geus baralik deui?”
6
Pihatur para utusan, ”Dipiwarang wangsul deui ku hiji jalma, saurna kieu timbalan PANGERAN perkawis salira Kangjeng Raja, ʼNaha di Israil geus euweuh Allah, nepi ka maneh nitah menta pituduh Beel Sebul dewa urang Ekron? Maneh moal cageur deui, bakal tuluy paeh.ʼ ”
7
Raja mariksa, ”Siga kumaha jelemana?”
8
Piunjukna, ”Jalmana nganggo raksukan kulit, nganggo sabuk kulit.” ”Tangtu Elias,” saur raja.
9
Raja miwarang hiji perwira mawa lima puluh prajurit nangkep Elias. Elias kasampak keur calik di hiji pasir. Eta perwira ngomongna kieu, ”Eh utusan Allah! Timbalan raja, maneh kudu turun!”
10
Waler Elias, ”Lamun enya kami utusan Allah, sing turun seuneu ti langit, ngalebur ka maneh jeung balad maneh!” Gur bae turun seuneu ti langit, ngalebur ka eta perwira jeung prajurit-prajuritna.
11
Raja miwarang perwira sejen jeung prajuritna lima puluh. Eta perwira ngomongna kieu ka Elias, ”Eh utusan Allah! Timbalan raja, ayeuna maneh kudu turun!”
12
Waler Elias, ”Lamun enya kami utusan Allah, sing turun seuneu ti langit, ngalebur ka maneh jeung balad maneh!” Gur deui turun seuneu ti Allah, ngalebur ka eta perwira jeung prajurit-prajuritna.
13
Raja miwarang deui hiji perwira jeung prajuritna lima puluh. Eta perwira nanjak, geus kitu brek sideku di payuneun Elias sarta pihaturna, ”Nun piwarangan Allah, mugi Ajengan hawatos ka abdi sadaya. Abdi sadaya sumeja nyanggakeun pati hurip!
14
Dua perwira anu tadi sareng sadaya prajuritna parantos tiwas ku seuneu ti langit. Jisim abdi neda sih piwelas Ajengan.”
15
Malaikat PANGERAN nimbalan ka Elias, ”Jig milu ka ditu. Ulah salempang.” Bral Elias angkat jeung eta perwira. Gancangna geus aya di payuneun raja,
16
ngalahir kieu, ”Kieu timbalan PANGERAN, ʼManeh geus nitah menta pituduh ka Beel Sebul dewa urang Ekron, kawas di Israil geus euweuh Allah anu bisa disambat pituduh-Na. Ku sabab kitu maneh moal cageur deui, bakal tuluy paeh!ʼ ”
17
Gancangna Ahasia geus pupus, saluyu jeung timbalan PANGERAN anu disaurkeun ku Elias. Ku sabab Ahasia teu kagungan putra lalaki, anu jadi raja ngaganti anjeunna teh saderekna, nya eta Yoram, dina taun kadua Raja Yehoram putra Raja Yosapat nyangking karajaan Yuda.
18
Carita Raja Ahasia kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil.
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 2 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25