bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
2 Kings 21
2 Kings 21
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 20
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 22 →
1
Menase mimiti jadi raja nagara Yuda dina yuswa dua belas taun, calikna di Yerusalem, ngarajaanana lima puluh lima taun. Jenengan ibuna Hepsiba.
2
Lampahna nirca ti PANGERAN, pikagirukeun kawas kalakuan bangsa-bangsa anu ku PANGERAN geus disingkahkeun ti eta tanah basa urang Israil rek mimiti arasup ka dinya.
3
Anjeunna ngadegkeun deui tempat-tempat paranti sembahyang ka brahala anu geus ditumpurkeun ku Hiskia ramana, ngadegkeun deui altar-altar paranti ngurban ka Baal, jeung ngadamel hiji arca Dewi Asera, saperti lampah Raja Ahab bareto di nagara Israil. Menase oge muja ka bentang-bentang.
4
Malah Bait Allah, anu ku PANGERAN ditimbalkeun kudu dijieun tempat paragi ngabakti ka Mantenna, ku Menase dianggo tempat altar-altar paranti ka brahala.
5
Jeung ngadamel altar-altar paranti muja ka bentang-bentang, ditempatkeunana di dua palataran Bait Allah.
6
Geus kitu anjeunna ngurbankeun putra pamegetna, dijieun kurban durukan. Seug deui ngajalankeun elmu petangan, elmu sihir, jeung sok menta pituduh ka tukang-tukang manggil arwah. Lampah anjeunna anu pohara dorakana ka PANGERAN teh matak ngentab kana manah-Na.
7
Arca Dewi Asera dipernahkeun di jero Bait Allah! Padahal eta tempat teh ku PANGERAN geus diamanatkeun ka Daud jeung Suleman putrana, kieu, ”Ieu Bait Allah anu aya di Yerusalem ku Kami geus dipilih ti antara dua belas wilayah warga Israil pikeun jadi tempat paranti ngabakti ka Kami.
8
Upama bangsa Israil taʼat kana sakabeh timbalan Kami sarta ngalampahkeun sakabeh Hukum anu dipaparinkeun ka Musa abdi Kami tea, tan wande maranehna moal nepi ka diantep sina diusir ti tanahna anu ku Kami geus dipasrahkeun ka karuhunna.”
9
Tapi urang Yuda teu taʼat ka PANGERAN, malah Menase mah anggur ngaluluguan kana lampah anu matak sasab, anu leuwih jahat ti batan kalakuan bangsa-bangsa anu samemehna geus diusir ku PANGERAN basa urang Israil rek mimiti arasup ka dinya.
10
Ti dinya PANGERAN nimbalan ku perantaraan abdi-abdi-Na para nabi,
11
”Menase raja Yuda teh geus nyieun kadorakaan anu pohara gedena sarta kajahatanana leuwih ti batan kajahatan urang Kanaan; ku sabab manehna nyembah brahala, urang Yuda oge kabawa doraka.
12
Eta sababna Kami rek ngadatangkeun siksaan anu pohara ka Yerusalem jeung Yuda nepi ka matak ngarenjag anu ngadenge bejana.
13
Yerusalem ku Kami baris dihukum, saperti Kami ngahukum Samaria jeung Ahab raja Israil jeung turunanana. Yerusalem ku Kami rek disapu jelemana, sina beresih kawas piring beunang nyeka tuluy ditangkubkeun.
14
Nu harirup keneh rek diantep, sina diboyong ku musuh-musuhna anu bakal nalukkeun jeung ngaranjah nagarana.
15
Eta teh lantaran eta umat geus doraka ka Kami, nepi ka amarah Kami ngagolak ti mimiti karuhun maranehna budal ti Mesir nepi ka kiwari.”
16
Loba pisan jelema anu teu salah ku Menase dipaehan, nepi ka jalan-jalan di Yerusalem banjir getih. Kajaba ti kitu anjeunna ngaluluguan bangsa Yuda sina nyarembah brahala, doraka ka PANGERAN.
17
Sagala kalakuan Menase jeung kadorakaanana anu geus kasebut tadi, aya dina Kitab Babad Raja-raja Yuda.
18
Menase pupus, dikurebkeun di makam di taman karatonna, anu katelah Taman Usa. Anjeunna digentos ku Amon, putrana.
19
Dina yuswa dua puluh dua taun Amon jadi raja Yuda. Marentahna di Yerusalem, dua taun. Ibuna nya eta Mesulemet binti Harus urang Yotbah.
20
Amon oge doraka ka PANGERAN cara Menase ramana,
21
talajak ramana ditiru, ngabakti ka brahala cara kalakuan ramana.
22
Anjeunna oge wangkelang ka PANGERAN, Allah karuhunna sarta henteu tumut kana sagala timbalan Mantenna.
23
Para mantri Raja Amon tuluy sakait rek ngahianat ka anjeunna. Ti dinya Raja Amon ku maranehna ditelasan di karatonna.
24
Anu maraehan anjeunna ku urang Yuda tuluy diparaehan, sarta urang Yuda ngajenengkeun Yosia putrana jadi raja.
25
Sakur kalakuan Amon katut anu salian ti eta kacatet dina Kitab Babad Raja-raja Yuda.
26
Amon dikurebkeun di makam Taman Usa. Anjeunna digentos ku Yosia, putrana.
← Chapter 20
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 22 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25