bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Ephesians 1
Ephesians 1
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 2 →
1
Dumateng sakumna umat Allah di Epesus anu pengkuh satunggal jeung Kristus Yesus. Sim kuring, Paulus, anu ku Allah dijadikeun rasulna Kristus Yesus nyuratan, mugia aranjeun ginanjar rahmat rahayu ti Allah Rama urang jeung ti Gusti urang Yesus Kristus.
3
Urang ngahaturkeun nuhun ka Allah Ramana Gusti urang Yesus Kristus! Sabab urang anu geus jadi hiji jeung Kristus dipaparin sagala berkah rohani ti sawarga.
4
Malah ti memeh dunya gumelar, urang geus dipilih baris dijadikeun milik kagungan Mantenna ku disatunggalkeun jeung Kristus, supaya suci jeung mulus di payuneuna-Na. Ku karana asih-Na,
5
Allah geus nangtukeun yen urang baris diangkat jadi putra-putra-Na, ku jalan Yesus Kristus. Kitu pangersa jeung tujuan Mantenna.
6
Haturkeun nuhun ka Allah. Kurnia-Na anu dipaparinkeun ka urang ku jalan Putra kaasih-Na teh kacida agungna.
7
Sabab ku pupusna Kristus teh urang jadi leupas tina dosa, tegesna dosa-dosa urang dihampura. Maha agung rahmat Allah
8
anu dipasihkeun ka urang, sakitu jembarna! Kalawan bijaksana sarta pinuh ku ma’lum,
9
Allah ngajalankeun tujuana-Na, sarta urang ku Mantenna dibere terang rasiah rarancang-Na. Mantenna geus mutus yen eta rarancang-Na teh ku Mantenna bakal direngsekeun ku jalan Kristus.
10
Eta rarancang, anu ku Allah baris dilaksanakeun dina waktuna teh nya eta: Sakumna mahluk, saniskara nu di sawarga jeung nu di bumi, baris dihijikeun jeung Kristus, sarta Kristus anu jadi kapalana.
11
Saniskara kabeh jadina teh nurutkeun rarancang jeung pangersa Allah. Urang pangna dipilih supaya jadi umat-Na anu ngahiji jeung Kristus teh nya ku karana geus kitu tujuan Mantenna, anu geus dipastikeun ti asal mimiti pisan.
12
Ku sabab kitu, urang anu pangheulana ngaharep ka Kristus, wajib muji kaagungan Allah.
13
Ti barang mimiti narima amanat-Na anu ngandung kayaktian, nya eta Injil Kasalametan anu bakal nyalametkeun, aranjeun teh geus jadi umat Allah, percaya ka Kristus, ku Allah diterapan cap tanda kagungana-Na nya eta Roh Suci, numutkeun jangji-Na.
14
Nya Roh Suci anu nanggung yen jangji Allah ka umat-Na teh tangtu katarima ku urang. Ku hal eta urang yakin yen Allah bakal ngamerdekakeun umat-Na. Mulyakeun kaagungan Mantenna!
15
Barang terang aranjeun geus percaya ka Gusti Yesus jeung mikanyaah ka sakumna umat Allah,
16
sim kuring teu kendat nganuhunkeun ka Allah. Unggal neneda aranjeun teh kaingetkeun,
17
dipangnyuhunkeun sing dipaparin Roh Allahna Gusti urang Yesus Kristus, Rama nu agung. Sabab Roh Mantenna teh bakal minterkeun aranjeun, bakal nerangkeun hal Allah nepi ka aranjeun terang ka Mantenna.
18
Dipangnyuhunkeun sing dicaangkeun pikiran, supaya ngarti kana maksad Mantenna, supaya terang kana eusi harepan anu dipaparinkeun ku Mantenna pangna nyaur urang. Jeung supaya terang yen berkah-berkah anu dijangjikeun ka umat-Na teh jembar jeung mulya.
19
Oge supaya terang rongkahna kakawasaan Mantenna anu dianggo barangdamel di urang anu percaya, nya eta kakawasaan
20
anu geus dianggo ngahirupkeun deui Kristus ti nu maraot jeung ngalinggihkeun Anjeunna di tengeneun Allah di sawarga.
21
Kristus dipunjulkeun ti sakabeh raja, ti nu nyarekel kawasa, ti nu malurba, ti nu nyarekel paparentahan, dipaparin gelaran anu pangpunjulna dina jaman kiwari jeung jaman aherat engke.
22
Saniskara ku Allah ditalukkeun ka Kristus anu jadi sirah gareja, jadi Gustina saniskara.
23
Jadi gareja teh salirana Kristus anu mepekan kasampurnaana-Na, ari kasampurnaan Anjeunna nyampurnakeun saniskara.
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 2 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6