bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Ephesians 2
Ephesians 2
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 1
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 3 →
1
Bareto, mungguh rohani mah aranjeun teh paeh ku karana dosa, baha ka Allah.
2
Waktu eta aranjeun teh nuturkeun kabiasaan-kabiasaan dunya anu jahat, tunduk ka kapala lelembut-lelembut di awang-awang, anu nepi ka ayeuna murba kana batin manusa anu ngalawan ka Allah.
3
Urang sarerea oge tadina mah kitu, ngabdi kana kahayang jasmani, ngajujur napsu jeung angen- angen, teu beda ti anu rea anu nandangan bebendu Allah.
4
Tapi Allah teh jembar ku piwelas, sakitu asih-Na ka urang.
5
Urang anu keur paeh rohani lantaran baha, ku Mantenna dihirupkeun deui bareng jeung Kristus. Jadi pang urang salamet teh ku karana sih kurnia Allah.
6
Urang nu satunggal jeung Kristus Yesus bareng dihudangkeun tina maot supaya milu marentah di sawarga jeung Kristus Yesus.
7
Pang Allah midamel kitu teh supaya manusa di jaman engke nyaraho kana sih kurnia-Na anu sakitu luar biasana ka anu satunggal jeung Kristus.
8
Aranjeun oge pang salamet teh ku karana sih kurnia Allah lantaran percaya ka Yesus, nugraha ti Allah, lain beunang ihtiar sorangan. Moal aya jelema anu salamet ku ihtiarna sorangan, jadi ulah nyombong ku hal eta.
10
Urang teh dadamelan Allah, diwangun dina kasatunggalan jeung Kristus Yesus pikeun ngalampahkeun kahadean-kahadean anu diparentahkeun ku Allah.
11
Aranjeun nu lain bangsa Yahudi, tangtu aringet kumaha kaayaan aranjeun bareto. ”Jelema teu disunat” disebutna ku urang Yahudi, anu nyebut dirina sorangan umat anu disunat (nu make tanda beunang jelema dina dirina).
12
Harita mah aranjeun teh pisah ti Kristus, teu kaasup umat pilihan Allah, teu kasebut dina perjangjian-perjangjian ti Allah ka umat-Na, tuna harepan jeung teu baroga Allah.
13
Tapi ayeuna sanggeus ngahiji jeung Kristus, nu asal jauh ti urang Yahudi teh jadi raket, diraketkeun ku pupusna Kristus.
14
Kristus geus ngarapihkeun urang Yahudi jeung nu lain Yahudi, disahijikeun. Tembok mumusuhan anu misahkeunana geus rugrug ku pupusna Kristus.
15
Hukum Agama Yahudi jeung rukun-rukunna ku Kristus geus dipupus, supaya bangsa Yahudi jeung nu lain Yahudi bisa dihijikeun jadi hiji bangsa anyar anu ngahiji jeung Anjeunna. Ku jalan kitu maranehna dirapihkeun,
16
mumusuhanana ku Kristus disirnakeun ku pupusna dina kayu salib. Ku jalan Anjeunna disalib, dua bangsa anu mumusuhan teh dijadikeun sabadan, disanggakeun deui ka Allah.
17
Kristus sumping ngawulangkeun eta sual karapihan anu dibawa ku Injil Kasalametan, ka aranjeun anu lain bangsa Yahudi, anu jauh ti Allah jeung ka urang Yahudi anu deukeut ka Allah.
18
Nya ku jalan Kristus urang kabeh, nu bangsa Yahudi jeung nu lain Yahudi gumulung dina hiji Roh, datang ka payuneun anu jumeneng Rama.
19
Ayeuna mah aranjeun anu lain bangsa Yahudi teh lain bangsa sejen deui, geus papada jadi warga umat Allah, jadi anggota-anggota kulawarga Allah,
20
nangtung dina pademen anu dipasang ku rasul-rasul jeung nabi-nabi, dikukuhkeun ku Kristus anu jadi batu juruna.
21
Nya Anjeunna anu jadi pangukuh adeganana ngajadi hiji adegan suci anu diabdikeun ka Allah.
22
Ku jalan ngahiji jeung Kristus, aranjeun oge milu ngadeg jeung nu sejen-sejen ngajadi hiji tempat panglinggihan Allah katut Roh-Na.
← Chapter 1
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 3 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6