bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Exodus 13
Exodus 13
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 12
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 14 →
1
PANGERAN ngandika ka Musa,
2
”Sakabeh anak cikal lalaki kudu dibaktikeun ka Kami. Unggal anak cikal urang Israil anu lalaki, kitu deui cikal sato jalu, eta kagungan kami.”
3
Musa misaur ka jalma rea, ”Poe ieu poean maraneh kaluar ti Mesir, ti tempat maraneh diperbudak, kudu dieling-eling. Karana poe ieu PANGERAN ngaluarkeun maraneh ti eta nagara kalawan digjaya. Dina poe ieu maraneh teu meunang ngadahar roti make ragi.
4
Ayeuna, poean maraneh ninggalkeun Mesir teh nya eta dina bulan Abib, bulan kahiji.
5
PANGERAN geus ikrar ka karuhun maraneh, yen maraneh bakal dipaparin tanah urang Kanaan, tanah urang Het, tanah urang Emor, tanah urang Hiwi, jeung tanah urang Yebus. Lamun maraneh ku Mantenna geus diasupkeun ka eta tanah anu gemah-ripah, hal sarupa kieu kudu dilampahkeun saban-saban bulan kahiji, unggal-unggal taun.
6
Tujuh poe lilana maraneh kudu dalahar roti teu make ragi, sarta poe katujuhna kudu dipestakeun ngamulyakeun ka PANGERAN.
7
Tujuh poe lilana maraneh teu meunang ngadahar roti anu make ragi. Sajeroning kitu, di satanah maraneh teu meunang aya roti anu make ragi atawa anu dihaseuman.
8
Dina ngamimitian pesta, maraneh kudu nerangkeun ka anak, yen eta pesta teh pikeun mieling sagala dadamelan PANGERAN waktu maraneh budal ti Mesir.
9
Hal ieu kudu dijieun pepeling, lir tanda anu dicangreudkeun dina leungeun atawa dina tarang maraneh anu bakal ngingetan sangkan maraneh terus nyaritakeun jeung ngulik ieu Papakon PANGERAN, lantaran maraneh ku Mantenna geus dikaluarkeun ti Mesir ku kakawasaana-Na anu digjaya.
10
Lampahkeun eta pesta teh dina waktuna, saban-saban taun.”
11
”Maraneh ku PANGERAN bakal dicandak ka tanah Kanaan, sakumaha sumpah-Na ka maraneh jeung ka karuhun. Lamun eta geus dipaparinkeun,
12
maraneh kudu nyanggakeun sakur anak cikal anu lalaki ka PANGERAN. Anak sato-sato maneh anu cikal sarta jalu, eta kagungan PANGERAN.
13
Tapi cikal jalu anak kalde mah kudu ditebus ku anak domba. Lamun teu ditebus kudu ditekuk. Anak cikal maraneh oge anu lalaki kudu ditebus.
14
Engke jaga lamun anak maraneh nanyakeun naon maksudna eta kamistian, kudu diterangkeun, ’Geusan pangeling-eling, yen ku karana kadigjayaan PANGERAN, urang dijait ti Mesir, ti bangsa anu ngabudakkeun ka urang.
15
Sanggeus raja Mesir henteu ngidinan bae urang kaluar ku lantaran hatena tetep teuas, sakabeh cikal di satanah Mesir boh jelema boh sato ku PANGERAN ditiwaskeun. Kitu sababna pang urang ngurbankeun unggal cikal jalu anak sato teh, tapi cikal-cikal lalaki anak urang mah kudu ditebus.
16
Ieu teh geus jadi kamistian, pikeun ngingetan urang lir tanda anu digantelkeun dina leungeun atawa ditapelkeun dina tarang, sangkan urang salawasna inget yen ku karana kadigjayaan PANGERAN geus bisa ucul ti Mesir.’ ”
17
Jalma-jalma anu ku raja geus diidinan naringgalkeun Mesir teh ku Allah henteu dicandak nyorang jalan anu brasna ka basisir tanah Pelisti, sanajan eta jalan pangdeukeutna. Sabab panggalih Allah kieu, ”Kami teu hayang ieu jelema-jelema rarobah pikiran sarta baralik deui ka Mesir upama nyarahoeun yen kudu tarung.”
18
Dituyunna teh nyandak jalan anu belot jeung nyorang tanah gurun anu brasna ka Laut Beureum. Urang Israil kabeh nyaroren pakarang.
19
Layon Yusup oge ku Musa dicandak sakumaha piwekasna ka urang Israil, piwekas kalawan sumpah saurna, ”Lamun Allah geus ngajait ka maraneh, layon kami oge kudu dibawa kaluar ti ieu tanah.”
20
Urang Israil geus ngaliwatan Sukot, tuluy masanggrahan di Etam, di rarambu tanah gurun.
21
Mun ti beurang PANGERAN aya di heulaeun maranehna dina hiji tihang mega nuduhan jalan. Mun ti peuting aya di heulaeunana dina hiji tihang seuneu, nyaangan pijalaneunana. Jadi eta jelema-jelema teh bisa terus laleumpangna beurang peuting.
22
Kitu bae terus, tihang mega paranti ti beurang jeung tihang seuneu paranti ti peuting teh salawasna aya di heulaeun maranehna.
← Chapter 12
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 14 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36
37
38
39
40