bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Exodus 25
Exodus 25
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 24
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 26 →
1
PANGERAN nimbalan ka Musa,
2
”Bejakeun ka urang Israil, kudu marere pangbakti ka Kami. Tarimaan barang-barangna ku maneh, naon bae anu diridokeun ku maranehna,
3
nya eta: emas, perak, tambaga;
4
lenen lemes; wol biru, wol wungu, wol beureum; baju tina bulu embe;
5
kulit domba jalu celepan beureum, kulit lemes; kayu pilang;
6
minyak lampu; wawangian pikeun minyak pangistrenan jeung pikeun seuseungitan anu arum;
7
batu angkik jeung batu permata lianna pikeun naretes epod jeung oto Panghulu Agung.
8
Jeung kudu nyieun hiji kemah suci pikeun Kami, sabab Kami rek linggih reureujeungan jeung maranehna.
9
Jieun, lengkep jeung paparabotanana anu engke ku Kami ditembongkeun contona ka maneh.”
10
”Jeung sina nyieun hiji peti tina kayu pilang, panjangna 110 sentimeter, rubakna 66 sentimeter, luhurna 66 sentimeter.
11
Luar jerona kudu disaput ku emas murni, sisi sakurilingna kudu dielis ku emas keneh.
12
Dina opat sukuna kudu diberean geugeulangan emas sabeulahna dua-dua.
13
Jeung kudu nyieun rancatanana tina kayu pilang disaput emas,
14
corokkeun kana geugeulangan eta peti, sabeulahna hiji rancatan.
15
Rancatanana kudu diantep nyorok kana geugeulanganana ulah dicabut-cabut.
16
Dua papan batu ti Kami anu ditulisan papakon-papakon tea asupkeun kana eta peti.
17
Jieun tutupna, panjangna 110 sentimeter, rubakna 66 sentimeter.
18
Tuluy nyieun mumukarabinan dua siki tina emas ketokan,
19
pasangkeun dina tutupna, sabeulahna hiji-hiji. Masangkeunana kudu dihijikeun kana tutup peti tea.
20
Eta mumukarabinan kudu pahareup-hareup, beungeutna masing-masing tungkulkeun kana tutup peti, jangjangna sina meber ngauban petina.
21
Dua papan batu tea teundeun di jero eta peti, tutupna terapkeun ti beulah luhur peti.
22
Nya di dinya Kami baris patepung jeung maneh, ngandikakeun papakon-papakon Kami pikeun urang Israil ti luhureun turub pangrapih nya eta tutup peti tea, antara dua mumukarabinan.”
23
”Jeung kudu nyieun hiji meja tina kayu pilang, panjangna 88 sentimeter, rubakna 44 sentimeter, jangkungna 66 sentimeter.
24
Kudu dilapis ku emas murni, sisi sakurilingna kudu dielisan ku emas.
25
Titimbirna sakuriling rubakna 75 milimeter, sisina kudu dielis ku emas.
26
Dina opat sukuna unggal juru kudu diberean geulang emas hiji-hiji paranti ngagotong eta meja.
27
Geulang-geulang paranti nyorokkeun rancatan lamun eta meja rek digotong, diterapkeunana kudu deukeut kana titimbir mejana.
28
Rancatanana oge kudu ku kayu pilang dilapis emas.
29
Tuluy nyieun piringna, cangkirna, kendina, jeung pingganna paranti ngahaturanan cianggur. Kabeh kudu tina emas tulen.
30
Eta meja diteundeunna kudu di hareupeun Peti Perjangjian, sarta salawasna kudu dieusi ku roti anu geus disucikeun pikeun Kami.”
31
”Kudu nyieun suku palita tina emas tulen. Tihang jeung dadamparna kudu emas ketokan. Berean papaes anu direkakeun kembang-kembang, lengkep katut kuncup jeung daun kembangna, hijikeun kana tihangna.
32
Tihangna kudu cabang genep, sabeulahna tilu-tilu.
33
Unggal cabang kudu dihias ku tilu papaes anu direkakeun kembang kanari, lengkep katut kuncup jeung daun kembangna.
34
Tihangna oge kudu dihias ku opat papaes anu direkakeun kembang kanari, lengkep katut kuncup jeung daun kembangna.
35
Handapeun unggal cabang kenca katuhu, masing-masing kudu diheuleutan ku papaes anu direkakeun kembang sapentol.
36
Pentol-pentol kembangna, cabang-cabangna, kitu deui tihang lampuna dijieunna kudu tina emas ketokan tulen sarta asal tina sagebleg.
37
Kudu nyieun palitana tujuh siki, pasang dina cabang-cabangna, seungeut, caangna ka hareupkeun.
38
Kudu nyieun cacapitna jeung tatadahna tina emas tulen.
39
Emas pikeun nyieun eta suku palita katut papaesna emas tulen, beuratna kudu tilu puluh lima kilo.
40
Sing ati-ati, nyieunna kudu cocog teu meunang mencog tina conto anu ku Kami diterangkeun di gunung.”
← Chapter 24
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 26 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36
37
38
39
40