bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Hosea 12
Hosea 12
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 11
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 13 →
1
Ti bray beurang nepi ka reup peuting, anu dilampahkeun ku urang Israil taya pisan paedahna tur ngaruksak. Lampah hianat jeung kakejeman maranehna beuki nyebar. Maranehna ngayakeun perjangjian jeung Asur, sarta ngayakeun hubungan dagang jeung Mesir.”
2
PANGERAN kagungan tudingkeuneun ka urang Yuda, sarta ka Israil baris ngahukum ku karana kalakuan jalma-jalmana. Kalakuan maranehna ku Mantenna tangtu dibales.
3
Yakub, karuhun maranehna, ngajejekan saderek kembarna waktu aranjeunna di jero kandungan ibuna keneh. Sanggeus dewasa, Yakub malah tarung jeung Allah,
4
ngagelutan malaikat tur meunang gelutna. Ari geus kitu tuluy nangis jeung mundut diberkahan. Ti dinya Allah ngalayad sarta ngandika ka Yakub karuhun urang, di Betel.
5
Allah nu disebut bieu, nya eta PANGERAN Allah Nu Maha Kawasa. PANGERAN teh jenengana-Na, supaya ku karana eta jenengan Mantenna disembah.
6
Ku sabab kitu, eh turunan Yakub, sing percaya ka Allah maraneh, geura baralik deui ka Mantenna. Sing saratia saenya-enyana, sarta sing sabar ngadago nu baris dijalankeun ku Mantenna.
7
PANGERAN ngandika, ”Urang Israil sarua curangna jeung urang Kanaan, resep ngabobodo langgananana, ngagunakeun timbangan palsu.
8
Ceuk maranehna, ’Urang geus beunghar. Urang pinter cari untung. Moal aya anu bisa nuduh yen urang beunghar teh meunang curang.’
9
Tapi Kami PANGERAN, Allah maraneh, anu nungtun maraneh budal ti Mesir, rek malikkeun deui maraneh caricing di kemah-kemah, cara barang mimiti didatangan ku Kami di gurun keusik.
10
Kami geus ngandika jeung mere tetenjoan-tetenjoan ka nabi-nabi, sarta ku jalan eta nabi-nabi Kami mere pepeling-pepeling ka umat Kami.
11
Tapi keukeuh anu disarembah ku maranehna di Gilad teh brahala-brahala. Eta anu nyarembah ka brahala-brahala teh tan wande paraeh. Altar-altar di Gilgal paragi maranehna ngurban-ngurbankeun sapi, bakal jadi tumpukan-tumpukan batu di tegal-tegal.”
12
Baheula, Yakub karuhun urang, kabur ka Mesopotamia, sarta di ditu, pikeun meunangkeun pigeureuhaeun nepi ka ngawula ka hiji jelema, mangmiarakeun domba-dombana.
13
PANGERAN geus ngutus hiji nabi, dipiwarang ngajait sarta ngurus umat-Na anu keur dikaniaya ku Mesir.
14
Tapi kalakuan urang Israil pohara matak benduna ka PANGERAN. Maranehna pantes sina paraeh lantaran kalakuanana jarahat. Ku PANGERAN tangtu dihukum, lantaran kalakuanana matak ngarendahkeun Mantenna.
← Chapter 11
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 13 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14